Wanci geus maju sareupna.diuk dina korsi diburuan,bari nyanghareupan kopi nu di asongkeun ti ci keteh.sut samsoena di sunut,,,,sot samsuna di keunyot... gep kana bungkusna.di impleng di peleng,,, satengah luncat ninggali cangkang roko samsu bari hate ngeleper... aya naon cing lurrrrrrr?
haaaaa.haaaa ari nunyababkeun hate ngeleper mah eta ninggali cangkang samsu nu warna hejo semu koneng aya tulisan 234... eleuh ieu roko wali,,kitu pangesi hate
ari nu nyababkeun luncat..eusi bungkus roko ,rokona beak,,heeeeeeeeeeee, matak luncat deuk ka warung Madin,, ngajuk heula,,haaaaaaaaaaaaa
balik deui kanu luhur ,,,Naha disebut roko wali keiu na implengan teh......tah peleng gamar ieu roko djisamsoe.sing tenget
Naha di samikeun jeung Wali lain maksud wali sarua jeung roko,, tapi kawas ningali Para wali nu linuhung ku elmu jembar ku pangarti..lumpat kana samsoe kieu=- Tengetkeun Bentangna di cangkang samsoe,, aya sabaraha hiji ,jumlahna aya 9 kawas wali songo nu 9 urang.tinggali angkana 234 dijumlah 9deui kawas jumlah wali deui.aya tulisan Fatsal 5, ete nujukeun amanah nu di emban ku para wali nyeta rukun Islam nu jumlahna 5 gera taros kapara ulama,,hee,,hee.
- tina Angka 2=Nandakeun Dunya,anu aya didunya kabeh papasangan,aya beurang aya peuting.aya susah aya senang,aya lalaki jeung awewe.teu aya bancimah hampura kapara banci, gusti teunurunkeun nunamina banci,,,heeee
- tina Angka 3=Nandakeun Iman,naha tilu apan iman diwangun kutilu perkara,1 digerenteskeun dina hate,2 diucapkeun ku letah,3 dilakukeun ku anggota badan.numatak munibadah ulah nahaete wungkul,,nya
- tina Angka 4=Nandakeun Imam/madhab.apan imam teh aya 4(imam hanafi,gozhali,safei,maliki) nyirikeun madhab atawa arah aya kulon,wetan,kidul, kaler.
0 komentar:
Posting Komentar